Selasa, 29 Januari 2013

taraktak cempala narajang,
peti kai ngarénjag nyampakkeun puruklukna wirahma,
pataréma jeung ngaracakna kecrék,
nangtukeun mustarina wanci,
handaruan meupeuskeun jemplingna peuting,
kolébatna gugunungan masieup beja saamparing jagat,
dipirig gending silokananta mépéndé kawih karahayuan.
murwa suci medal munajat Hyang Murbéng Alam,
mangka éling manusa sakabéh yen usik malikna raga anging kersa nu Maha Kawasa,
geter sukma muga tumarima kana kadar nu maha welas tur maha asih,
ka saha nya kudu muja?
ka saha jeung ka mana nya minangsaraya?
sok inggis nyorang cilaka na mangsa jaga,
nun Gusti pangéran abdi,
neda pangaping, pangjaring, tur pangriksa Gusti.
talajak manusa di jagat raya nu muka carita,
séahna rupa-rupa kajadian mapak legana jagat,
sipating mahluk teu ajeg dina hiji martabat,
pon kitu deui manusa…
kumelendang di jagat raya pramudita teu wéleh ngumbar obah jeung gingsir,
salilana katumpakkan sirik,pidik, jail, kaniaya, irén, pinastrén, dudupak, rurumpak, nyaci, maki, ngupat, geuleuhan, dengkian, teu payaan, jeung sajabana.
mana atuh kawih karahayuan?
neumbrag jungkiringna murka Dasamuka nu teu weléh ngulayab,
kiwari….. manusa karaksuk napsu amarah,
leungit wargi, ilang baraya, tumpur dulur,
kapanasaran Dasamuka alatan kahimpit dua gunung batu,
singhoréng siloka keur manusa,
nu teuas haté lir teuasna dua gunung batu bakal nyiksa diri jeung raga,
kawih rahayuan moal eureun,
bareng jeung kolébatna gugunungan mawa béja kabagjaan,
keur manusa nu teuneung ludeung ngalawan angkara murka,
waruga Dasamuka méh perlaya sanajan bedas teu daya ngalawan karahayuan,
tuh nu jadi cirina Prabu Dharmakusumah,
siloka raga nu wijaksana keur manusa …
dépé- dépé handap asor, alus budi hadé basa, ngajen ka batur hadé ka sasama, teu adigung gedé hulu, rasa aing uyah kidul, salawasna deudeuhan, nyaahan, welasan, asihan, béréhan, resep nulung kanu butuh, resep nalang kanu susah, ngajait kanu titeuleum, ngahudangkeun kanu labuh, nyaangan kanu poékkeun sanajan pangkat raja kalungguhan ratu,
prabu Dharmakusumah éstu siloka karahayuan,
sapadaharita Dasamuka ragrag nyorang perlaya,
surak ambal-ambalan saamparing jagat,
dipirig gending jiro pamungkas,
ramyang-ramyang mépéndé kawih karahayuan,
KARAHAYUAN.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar