Jumat, 01 Februari 2013

Adam lali tapél : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga : Adat nu hésé digantina.
Adéan ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur.
Adigung adiguna : Gedé hulu, boga rasa leuwih ti batur.
Aya astana sajeungkal : Anu mustahil ogé bisa kajadian.
Aya jalan komo meuntas : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
Aya bagja teu daulat : Arék meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
Aya peurah : Aya komara, aya harga, aya pangaji.
Ayakan tara meunang kancra : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
Akal koja : Pinter dina kagoréngan atawa kajahatan.
Aku panggung : daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Aku aku angga : Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
Aki aki tujuh mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
Alak paul : Tempatna nu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Alak alak cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
Alus panggung : alus laur hade omé, tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek : Ari napssu pohara gedéna, ngan masih bisa meper diri.
Anak merak kukuncungan : Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadéna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Anak puputon : Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
Aub payung, sabet panon, sabasoba : Wewengkon, ngeunaan tanah.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi haté ngongoraeun kénéh.
Asa ditonjok congcot : Meunang kabungah nu gedé, anu saenyana teu diarep arep.
Asa nanggeuy endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu : Leungiteun jalma nu pohara hadé gawéna.
Ati mungkir beungeut nyinghareup : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu.
Ambekna sakulit bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
Aya jalan komo meuntas : Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang
kalaksanakeun.
Asa dijual payu : Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu moal bakal kasorang.
Anak merak kukuncungan : Turunan anu hadé laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna.
Aya jalan komo meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Asa nyanghulu ka jarian : Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
Aya di sihung maung : Kulantaran loba kawawuh jeung gegedén dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon baé nu méré hasil ka urang kudu diurus bener bener.
Beuteung anjingeun : Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Belang bayah gindi pikir : Boga pikiran goréng ka papada kawula.
Balég tampélé : Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede kénéh kaéra.
Bali geusan ngajadi : Tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting : Teu eureun eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan : Béak karep ku rido jeung beresih haté.
Banda tatalang raga : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabéla diri, meuli ubar sangkan waras.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok : Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana : Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali.
Beureum paneureuy : Seuseut batan neureuy keueus, hésé pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Beurat birit : Hésé jeung sungkan dititah.
Biwir nyiru rombéngeun : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir sambung lémék, suku sambung lengkah : Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
Bobo sapanon carang sapakan : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Buluan belut, jangjangan oray : Pamohalan kajadian.
Bungbulang tunda : Tunda talatah. Lamun dititah tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké.
Buburuh nyatu diupah beés : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Buruk buruk papan jati : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahan téh.
Bonténg ngalawan kadu : Nu leutik ngalawan nu gedé.
Buntut kasiran : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbéré.
Biwir nyiru rombéngeun : Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
Bluk nyuuh blak nangkarak : Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bilih aya tutus bengkung : Bisi salah pokpokanana.
Cara bueuk meunang mabuk : Ngeluk baé, teu lemék teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.
Ciri sabumi cara sadésa : Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.
Caang bulan dadamaran : Migawé nu kurang mangfaat.
Cara jogjog mondok : Carékcok baé, mani gandéng naker.
Cara gaang katincak : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar